Ahyadi Maulana Yusuf
180210110031
Tugas Kaping 11 September 2012
Mata Kuliah Kajian Sastra Nusantara
Dewi Nawang Wulan
Cari rakyat ti Jawa Tengah
Kacaturkeun jiji mangsa dihiji daerah jawa tengah, kasebat hiji janda ku wargi satempat namina Nyi Randa tarub. Saleresna sanes nami asli anjeuna, ngan jalaran anjeuna padumukan di desa Tarub. Nyi Randa Tarub , kagungan putra pameget namina Jaka Tarub , saleresnamah sanes putra asli anjeuna , saur wargi kacaturkeun yen Jaka tarub teh Putra ti bupati tuban, Dewi Rasawulan. anjeuna di asuh dugika dewasa ku Nyi raden Tarub. kaleresan Nyi raden Tarub teu kagungan putra dugika anjeuna sepuh sareng carogena .
Jaka tarub dina hiji mangsa kacaturkeun kantos dewasa, anjeuna nuju dihiji Leuweung caket Talaga, moro sato nanging moroan na can aya nu heu tasil hiji gek. pas rineh , anjeuna ngadangu aya babaraha sora wanoja nu nuju mandi, reuwas pisan Jaka Tarub basa pas di tingal yen eta sora teh kawitna ti 4 widadari nu turun ti kayangan nuju mandi. teu aya maksad rek jahat, ngan saliwat anjeuna boga niat nu goreng , nyumputkeun raksukan salah sahiji widadari.basa tepang sareng jaka tarub, 4 widadari reuwas, sabab hiji widadari raksukanna di sumputkeun ku JT, anjeuna teu tiasa ngapung ka khyangan ngiring sareng nu sanesna. Akihrna si widadari ceurik ngabangigik, tuluy Jaka api api nulungan. kacaturkeun eta widadari teh namina Dewi Nwang Mulan.
singget carita, Dewi nanwang Mulan sareng Jaka hirup babarengan , ngagaduhan Hiji putra. hiji mangsa putrana hoyong dijajapkeun ka walungan , kaleresan sasarengan diwi teh nuju nyangu, tuluy weh nyagu teh dititipkeun ka carogena yen kang jaka tea, ngan dewi ngaomatan kan carogena , ulah sakali kali muka pangdaringan . basa dewi angkat, eta wanti wanti teh teu diturutkeun ku jaka, anjeuna kalahka wani wani muka eusi pangdaringan, kaget sontak singhoreng eusi tina pangdaringan eta ngan ukur 1 pare.
singget carita dewi wangsul sareng putrana, kaget pas ningal carogena muka eusi pangdaringan, rasa amuk jeung murka kaluar ti Wang mulan, basa ningal carogena teu ngadangu naon nu di omatkeun ku anjeuna. ayeuna Dewi memeh nyangu, anjeuna kudu numbuk heula ka lumbung pare. basa ka lumbung pare, anjeuna mendak baju, salendang nu anjeuna basa ical mandi di talaga.. tuluy ku anjeuna di anggo deui , anjeuna janten widadari deui jalaran rakskan kahiyanganna kapendak deui, langkung ti eta otomais anjeuna kedah ngantunkeun caroge, putrana di bumi sabab anjeuna kedah wangsul deui ka kahiyangan.
akhir ti carita eta, kacaturkeun weh Dewi Nawang Mulan teh ngantunkeun bumi, teras anjeuna janten widadari deui, tuluy jaka tarub sareng putrana hirup duaan di bumi.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar